1. Wangun Kecap
Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.
Wangun Kecap
nya eta...
#Asal kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
contona: useup, korsi, lumpat, beuli, udud, panas, hujan, geulis, jst.
#Rundayan kecap asal anu geus dirarangkénan
dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.
Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 . Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.
1. Rupa-rupa Rarangkén
Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:
- Rarangkén hareup
- Rarangkén tengah
- Rarangkén tukang
- Rarangkén barung
1. 1. Rarangkén hareup
Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.
1. 2. Rarangkén tengah
Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.
1. 3. Rarangkén tukang
Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.
1. 4. Rarangkén barung
Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.
2. Conto
Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :
| Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | |||
| 1. | serat | 30. | diseratkeunana | 15 + -na | 59. | disareratna | ||
| 2. | nyerat | N- + 1 | 31. | kaseratkeunana | 16 + -na | 60. | kasarerat | |
| 3. | diserat | di- + 1 | 32. | silihseratan | silih- + 5 | 61. | kasareratna | |
| 4. | kaserat | ka- + 1 | 33. | silihseratanana | 62. | nyareratan | ||
| 5. | seratan | 1 + -an | 34. | silihseratkeun | 63. | nyareratanana | ||
| 6. | nyeratan | N- + 5 | 35. | silihseratkeunana | 64. | disareratan | ||
| 7. | diseratan | di- + 5 | 36. | panyeratan | 65. | disareratna | ||
| 8. | kaseratan | ka- + 5 | 37. | panyeratanana | 66. | disareratkeun | ||
| 9. | paseratan | pa- + 5 | 38. | pangnyeratkeun | pang- + 14 | 67. | disareratkeunana | |
| 10. | serateun | -eun + 1 | 39. | dipangnyeratkeun | di- + 38 | 68. | sarerat | 1 + -ar- |
| 11. | piserateun | pi- + 10 | 40. | dipangnyeratkeunana | 69. | sareratna | ||
| 12. | pinyerateun | pi- + 2-eun | 41. | pangnyeratankeun | 70. | sarerateun | ||
| 13. | seratkeun | 1 + -keun | 42. | dipangnyeratankeun | 71. | sarerateunana | ||
| 14. | nyeratkeun | 2 + -keun | 43. | dipangnyeratankeunana | 72. | sarerataneun | ||
| 15. | diseratkeun | 3 + -keun | 44. | serataneun | 73. | sarerataneunana | ||
| 16. | kaseratkeun | 4 + -keun | 45. | serataneunana | 74. | sareratkeun | ||
| 17. | seratna | 1 + -na | 46. | seratkeuneun | 75. | sareratkeuneun | ||
| 18. | nyeratna | 2 + -na | 47. | seratkeuneunana | 76. | sareratkeuneunana | ||
| 19. | diseratna | 3 + -na | 48. | mangnyeratkeun | N- + 38 | 77. | pipaserataneun | pi- + pa- + 44 |
| 20. | kaseratna | 4 + -na | 49. | mangnyeratkeunana | 78. | pipaserataneunana | ||
| 21. | seratanana | 5 + -na | 50. | mangnyeratankeun | 79. | pikaserateun | ||
| 22. | nyeratanana | 6 + -na | 51. | mangnyeratankeunana | 80. | pikaserataneunana | ||
| 23. | diseratanana | 7 + -na | 52. | sinerat | 1 + -in- | 81. | pidiserateun | |
| 24. | kaseratanana | 8 + -na | 53. | sineratna | 82. | pidiserateunana | ||
| 25. | paseratanana | 9 + -na | 54. | barangserat | barang- + 1 | 83. | pimangnyeratankeun | pi- + 50 |
| 26. | serateunana | 10 + -na | 55. | barangseratan | 84. | pimangnyeratankeunana | ||
| 27. | piserateunana | 11 + -na | 56. | nyarerat | 2 + -ar- | 85. | pimangnyeratkeun | |
| 28. | pinyerateunana | 13 + -na | 57. | nyareratna | 86. | pimangnyeratkeunana | ||
#Rajékan kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
#Kantétan kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.
2. Warna Kecap
Warna/Rupa Kecap kabagi dua:
kecap ... nyaéta ...
Kecap Lulugu barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulur kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananya kecap anu dipake pikeun nanya
pagawéan kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancén panganteb kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah aspék kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitas kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.
pangantét kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.
panyambung kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyeluk kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.
3. Kecap sulur
Kecap sulur aya sababaraha rupa:
* kecap gaganti jalma
* kecap gaganti milik
* kecap panuduh
3. 1. Kecap gaganti jalma
Kecap gaganti... kecap..' dipaké dina kaayaan... conto kalimah
#jalma kahiji tunggal sim kuring lemes, resmi ...
abdi lemes, teu resmi ...
kuring / déwék / urang loma ...
kami / kaula loma, ngaluhurkeun ajén sorangan ...
aing kasar ...
loba sim kuring sadayana lemes, resmi ...
abdi sadayana lemes, teu resmi ...
kuring saréréa loma ...
#jalma kadua tunggal bapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki) lemes, ka anu dipihormat ...
anjeun lemes, ka sapantaran ...
manéh / silaing loma ...
sia kasar ...
loba aranjeun lemes ...
maranéh loma ...
hidep saréréa lemes, ka sahandapeun ...
#jalma katilu tunggal mantenna lemes, ka nu dipihormat ...
anjeunna lemes ...
manéhna, inyana loma ...
loba aranjeunna lemes ...
maranéhna loma ...
3. 2. Kecap gaganti milik
Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa
3. 3. Kecap panuduh
Kecap panuduh wacana
ieu
éta
kitu
kieu
#Kecap panuduh luareun wacana
kecap... dipaké pikeun... conto kalimah
#dieu nuduhkeun nu deukeut ...
#dinya nuduhkeun nu rada deukeut ...
#ditu nuduhkeun nu jauh ...
4. Kecap pananya
Kecap... dipaké pikeun nanyakeun ... conto kalimah
#naon barang, hal, sasatoan, tutuwuhan ...
#saha jelema, malaékat, Pangéran
#mana tempat, hal ...
#iraha waktu Iraha anjeun badé ka dieu?
#naha sabab-musabab, kalakuan ...
#kumaha cara, kaayaan ...
#sabaraha jumlah, bilangan ...
iraha anjeun bade ka dieu?
5. Kecap pagawéan
Ciri-ciri kecap pagawéan:
* umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
* teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
* teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
* bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas
6. Kecap sipat
Ciri-ciri kecap sipat:
* bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
* bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
* bisa dirarangkénan ku pang-...-na
* bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na
7. Kecap panganteur
#kecap panganteur pagawéan
"bus asup nyah beunta nging/hing ceurik
"segruk ceurik am dahar jol datang
"rap dibaju deker digawé gék diuk
"reg eureun geleber hiber sedut/dut hitut
"kuniang hudang belenyéh/nyéh imut gedig indit
"léos indit kécéwér/wér/cer kiih blug labuh
"beretek/berebet lumpat jleng luncat geleser maju
"belewer malédog brus mandi térékél naék
"gampleng nampiling blak nangkarak jung nangtung
"sebrut narajang habek neunggeul lek neureuy
"lar ngaliwat bluk ngangkuban biur ngapung
"golédag ngedeng gewewek ngégél réngkénék ngigel
"leguk/regot nginum burusut ngising pok ngomong
"celengkeung ngomong trét nulis gaplok nyabok
"gap nyagap sirintil nyampeurkeun gantawang nyarékan
"kerewek nyekel cong nyembah crot nyiduh
"celengok nyium kop nyokot bluk nyuuh
"reup peureum dug saré barakatak seuri
"ceuleukeuteuk seuri cakakak seuri cikikik seuri
"lep teuleup eureuleu teurab clak tumpak
"luk tungkul jrut turun nyot ngenyot
"pelenyun udud cat unggah orolo utah
#kecap panganteur kaayaan
"béréwék soék bray beurang bray muka
"bray caang breg hujan cep tiis
"gejebur kana cai jedak diadu jeduk tidagor
"jegug sora anjing jegur sora marieum jentréng kacapi
"jep jempé jeprut pegat kecebuk sora cai
"kecemplung kana sumur kepluk murag kérésék sora daun
"ketruk sora sapatu les leungit paralak hujan
"pédénghél keuheul peledek bau hitut pes pareum
"pleng ambleng plong ngemplong prung pegat
"prung ngamimitian pudigdig ambek rekét sora panto
"rob ngarogrog rup dirungkupan seguk sora kolécér
"semprung pegat sruk-srék sora ragaji trong kohkol

Ari panyaram Lampah goreng teh siga kumaha ?
BalasHapus