Rabu, 03 Juni 2009

Conto Acara Siraman Nikahan

CONTO ACARA SIRAMAN

Dina Upacara Adat Nikahan Sunda

Nikah mangrupa acara nu sacral pikeun umat manusa. Kabéh jalma pasti miharep upacara nikahna direuah-reuah sangkan nu liana apal jeung pada nyaksian manéhna jadi raja jeung ratu sapoé. Upacara nikah di unggal wewengkon pasti teu sarua. Sarua ari dina lebah rukun, sarat jeung lebah direuah-reuahna mah. Tapi nu ngabédakeunana dina proses upacara nu lumangsung dina acara nikahna sorangan. Saperti dina acara siraman anu dilaksanakeun tanggal 1 Desember 2008 di Kp. Babakan Baru RT 03/RW 03 desa Cimulek kecamatan Waluran.

1. Bubuka

Bismillah mugi pangeran

ALLOH anu murbeng alam

Raga nyawa diri abdi

Mung ka anjeun sukalindung

ALLOH anu Rohman Rohim

Neda pangaping pangjaring

Cahaya pujaning ati

Abdi sujud mung ka gusti

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Bismillaahirrohmaanirrohim. Alhamdulillaahirobbil’aalamiina washolaatu wassalaamu’aala asyrofil anbiyaa-i wal mursalina, wa’alaa aalihi washohbihi ajma’ina. Amma ba’du.

Bapa kalih Ibu, hadirin nu ku sim kuring dipihormat!

Puji anu jadi mimiti disanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Pangéran nu Murbéng Alam, ogé syukur kapihatur ka Gusti nu Maha Ghofur. Anging ku pangersana urang tiasa ditepangkeun deui mugia sing wuwuh caket wuwuh raket, wuwuh dalit ngahijina kawargian urang turta salamina aya dina jalan anu dirodo ku mantenNa.

Teu hilap, solawat miwah salam mugia salamina tetep ngagoloncor ka junjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, ka tabi’in-tabi’atna, tug dugi ka urang sadaya salaku umat anu tumut kana ajaranana dugi ka ahir jaman. Amiin.

Bapa kalih Ibu, hadirin anu ku sim kuring dipihormat!

Dina danget ayeuna urang tiasa sumping ka ieu patempatan seja ngahaturan uleman Bapa Sahbudin sakulawargi, anu tangtos anjeuna ngagaduhan maksad seja nikahkeun putrana wasta Néng Asri Sri Rahayu ka Cép Gilang Ginanjar. Nanging aya pamaredih nu janten putra calon pangantén, Néng Asri hoyong husu ngaras ka ibu ramana saurna téh.

Ngaras téh nya éta mundut pangapunten ka nu janten sepuh, malih di salokaan bari ngawasuh dampal sampéanna, éta téh tawis bakti ti nu janten putra ka ibu miwah ka rama. Margi numutkeun katerangan ogé, dina Al Qur’an dijelaskeun, “Alloh moal ngahampura dosa éta jalma, saupama henteu dihampura ku indung bapana”. Ditambah ku katerangan “surag téh aya dina dampal sampéan indung”.

Kitu anu dipimaksud upacara ngaras sumangga urang ngawitan:

Ibu…...Bapa…..bade mundut widi heula (ka ibu ramana).

1.1 Lagu Nimang Pepeling

Anaking…….

Aya deudeuh aya asih

Aya kanyaah nu teu weleh natrat

Mamah jeung bapa

Hoyong mulangkeun panineungan

Ngais hidep panungtungan

Mangga ibu…… miwah……

Candak putra anu masih aya dikamar

Ais ku pangais anu pinuh ku asih

Eyong ku dua pangrujung

Nu pinuh ku kaweningan ati

1.2 NINCAK 7 SAMPING

(mapahna nincak kana sinjang 7)

Emutan deui mangsa lawas,

Mangsa anu pinuh ka waas

Mangsa…..masih dina keukeupan indung jeung bapa

Mangsa sok ngagerendeng

1.3 LAGU AYUN AMBING

(Ngahariring lagu ayun ambing)

Lagu

Ari – ari ayun 2x

Ari ayun deudeuh ayun ambing 2x

Eyong asih indung

Pinuh du’a jeung pangjurung

Kanyaahna bapa

Mo laas ka tilar mangsa.

2. Ngecagkeun AISAN.

Ibu……. Bapa ……….

Sok buka sinjang pangais neng………..

Usapan mastakana

Wangsulan deui panineungan

……. Taun anu tos kalangkung

Ti kawit……. Dikandung

Salapan bulan lamina

Dugika gubrag medal ka alam dunya

……diasuh dieyong diayun anbing

…….anaking

Ayeuna mamah ngecagkeun aisan

Seja ngaleupaskeun hidep

Tina aisan wening jeung suci

Sabab hidep pinanggih sawawa

Rek lumampah dina alam rumah tangga

Bral tedunan

Muga sing kenging pituduh jalan

Enggoning lakirabi

Sing kenging barokah Gusti

Sakinah mawadah warohmah

Amin

Rengse ngecagkeun aisan

Aya bekel anu utama

Pigeusaneun lengkah jaga

Lenyepan aosan ayat-ayat suci al-Quran

Nincak kan acara

3. WEJANGAN

3.1 (QS Bani Isro’il 17)

Bade didugikeun ku……………

Alhandulilah

Rengse ngaoskeun ayat-ayat suci al-Quran

Eusina lenyepaneun urang

Anaking,…………

Dipayuneun hidep teh aya wadah

Eusina palita tujuh

Caketkeun ka mamah bapa

Pasihkeun korek apina

Seungit paligentos ku mamah bapa

Dugika hurung sadayana

Caketkeun ka hidep

Tiup hiji-hiji dugikeun ka pareumna

Tah etateh ngandung hiji siloka

Mamah bapa nu ti kawit

Teu kendat nyaangan jeung ngadamaran

Mangsa hirup dewasa mah

Lain harti mamah bapa ngaleupaskeun

Tanggung jawab,

Tapi, hidep anu kudu mandiri

Sok ku…… teuteup sing anteb

Raray mamah jeung bapa

Gurat ka nyaah aranjeuna,

Tembres natrat mo bisa pegat

Malih dina manah na mah

Baceo noroweeo

Boa, mun kongang mah hoyong gogoakan

Tawis sukur kanu agung

Mahabah kanu maha kawasa

Bingah tan wangenan

Dinten ieu teh bade walimahan

Padahal asa kamari, asa cikeneh

Hidep di rauk-rauk di hao hakeng

Dimandian,di popokan

Di ais,di eyong,di ayun ambing Teu karaos,ayeuna cunduk waktuna

Hidep rek pisah ti mamah ti bapa

Bral anaking………

Kolot mah ngan sambung du’a

Muga salamina aya dina rido

Miwah panantayungan ALLOH S.A.W

Anaking…………

Sidik,tue kudu dibeuli

Kanyaah mamah bapa,nyata teukudu di penta

Clik putih clak herang

Caang bulan opat belas

Jalan gede sasapuan

Nanging, masih emut anaking,…..

Kalangkang anu maha suci atra di alam gumelar

Ulah silo ku panenjo

Ulah samar ku paningal

Munjung teh lain ka gunung

Muju, ulah ka sagara

Taya deui anu kedah dipilari

Di satungkebing langit,

Atawa di teangan di satangkaraking jagat

Iwat ka tempat asal ngangancik

Ka wiwit gelar dumadi

Nyatana, ka mamah, ka bapa

Tong ditingal sareat warugana

Tong di tilik tina harta jeung bandana

Komo deui mun ukur mindingan era

Etamah sandiwara dunya

Indung tetep indung

Moal bisa di sumput salindung

Bapa, angken sajalantrahna

Mo bisa direka yasa

Mun hidep ngangken indung ka batur

Dosana hamo kaukur

Pon kitu, nyangken bapa kanu lain

Awal ahir, bakal aya balitungan

Sabab, do’ana indung jeung bapa

Saciduh metu,saucap nyata

Kitu ceuk wewengkon carita

Sabab indung anu ngandung

Anu ngagelarkeun hirup

Anu parantos kageuleuhan kakeumeuhan

Diruruba, diririba, ngaraksa, ngariksa

Ngaping ngajaring boh siangna boh wengina

Estu satia bumela, ti lahir dumugi batin

Bapa anu ngayuga, nu jd marga lantaran

Lahirna hidep ka alam dunya

Bapa anu nyareatan narekahan

Sangkan hidep hirup hurip mulus nanjung cageur lahir bageur batin

Ngadidik ngabina, mekelan ku elmu ahlak

Tah ayeuna pisan waktos

Meungpeung hate cangra bengras

Dihibaran kaimanan

Di caangan nur ilahi

Di saksian ku sadaya kadang wargi

Prak,hidep kudu tungkul sumujud

Meungpeung bapa mamah masih aya didiekeuna

Hidep kudu ngarasa bagja

Mun aranjeuna tos teu aya mah

Ngorehan mah ukur kana tutunggulna

Pendak ge, nu jirim ukur batu nisanna

Ukur kembang jeung cikeundi

4. NGUMBAH DAMPAL SAMPEAN INDUNG BAPA

4.1 DAMPAL SAMPEAN INDUNG

Anaking……

Prak geura kumbah dampal sampean mamah

Bari ngucapkeun bismilah

Nyungkeun sembah dina manah

Neda rido maha agung

Ka Alloh Gofururrohiem

Ka asma anu maha akbar

Geura sumujud babakti

Niat neda pangampura, ti anjeuna

4.2 SUNGKEM MUNDUT PANGAMPURA TI INDUNG

Jemplang Karang

Duh mamah sembaheun abdi

Cukang lantaran gumelar

Mugi manah mamah rido

Ieu……seja ngaras

Ngawasuh dampal sampean

Sumeja sujud ka indung

Neda jembar hapuntena

Bersihkeun dampal sampeana

Prak geura sungkeum sing anteb

Na pangkonan mamah

Jemplang ceurik

Duh indung tunggul rahayu

Wiwitan gumelar diri

Nun indung papadang ingsun

Ieu abdi seja babakti

Tawisna karumaosan (duh mamah)

Ti lahir dumugi batin

Deudeuh…..anaking

Puputon sosoca kalbu

Mamah ngahampura pisan

Mugi do’a mamah di kabul ku Gusti

Dina mangsa hidep ngolah rumah tangga

Sing tapis ngawisik diri

Saladar laratan awak

Hate disangkeh ku soleh

Tong urun kaberung napsu

Tong ingkah kabawa-bawa

Indung mah ngan darma ngandung

Hidep teh titipan yang widi

Nyanggakeun sadaya-daya

Agung pangersa nu maha kawasa

4.3 NGUMBAH DAMPAL SAMPEN BAPA

Ayeuna ngalih ka bapa

Prak wasuh dampal sampena

Gerenteskeun dina ati sanubari

Bapa teh sembaheuh hidep

Anu ngajurung tileuleutik

Nu ngayaga ti bubudak

Panteg dugika denget ayeuna

4.4 SUNGKEM MUNDUT PANGAMPURA TI BAPA

Jemplang karang

Mugia widi ti gusti

Manawi……..,sumujud

Babakti sumerah diri

Seja ngaras ka salira

Ngawasuh dampal sampean

Mo kasaha mundut du’a

Anging ka salira bapa

Anaking………

Geura duku nyu’uh nyalu’uh

Mundut doa dina pangkonanna

Jemplang ceurik

Duh bapa bagal waluya

Nu miasih siang wengi

Nun bapa papadang rasa

Nu miheman lahir batin

Talaga rasa ka tresna (duh bapa)

……..neda dihapunten

Anaking………..

Kanyaah bapa keur hidep

Teu ngitung rudet berewit

Teu luntur teu watesdeukeut jeung jauh

Du’a bapa restu indung

Ngajurung ka bale nyuncung

Mangku lana tepung bagja

Kuat takwa kandel iman

Sujud ka Alloh ka Rosul

Sangkan jaga dina ngajalankeun rumah tangga

Salawasna aya dina rido Alloh

5. Pamungkas ngaras

Alhamdullah, puji sinareng sukur kanu agung parantos lugina manah urang sadayana kasaksian ti kawit dugi ka ahir

Pamundut neng….. tadi kenging widi wening ati ti ibu miwah ramana.

Mangga uarang lajengkeun kana acara siraman.

Ieu oge mangrupi simbol silokana rasa ku cara ngucurkeun tirta sesetra, banyu urip kahirupan kanggo ngabersihkeun salirana neng……, sangkan suci lahir batin panglokat raga sukmana

Neng……,candak ka tempat pangsiraman

5.1 (bentangkeun sinjang anu 7 sing kadampal paligentos)

Aping ku ibu ramana calikeun sing merenah.

Sayogikeun kanggo nyawer sapuratina

Pirigan kacapi suling

5.2 Hariring wening

Aduh gusti anu agung

Mugi maparinan widi

Barokah sing mapat manjang

Aduh…...,kanggo pun anak

Mamah bapa ngucap Du’a

Di barung hujan ci soca

Jajap hidep nu rek lunta

Muga…..,mulya waluya.

5.3 (aoskeun solawat)

6. SIRAMAN

Urang sebatan heula anu bade nyiraman

1. Mamah

2. Bapa

3. Aa

4. Teteh

5. ………..

Diteraskeun kana :

6.1 Kanggo nyawer engke sarengsena siraman

1. Mamah

geura bismilah

cur kucurkeun banyu kahirupan

doakeun,……sing aya dina kalancaran

taya halangan harungan.

2. Bapa

Gayung anu ngandung simbol siloka

Lain ukur eusi cai saujratna

Tapi anu paling utama

Ngucurkeun doa keur putrana

3. A,……

Teu kanyaah anu sajati

Ti lanceuk kanu jadi adi

Mugi sing jadi panyipuh diri

Nikah,….. aya dina rido gusti

4. Teh,…..

Tirta anu setra bawa ti kudrat

Muga sing jadi pang lokat

Batin urang ulah pisah ulah pegat

5. ……………

Sing jadi panghudang sari

Sing geulis mawa ngajadi

Geulisna terus jadi ati

Mulya walagri

SUSUNAN ACARA

SIRAMAN

JL.SUPLIR VIII NO 2 RANCAEKEK

1. Bubuka medar tujuan

1.1 Minang Pepeling

1.2 Nincak 7 samping

1.3 lagu ayun mbing

2. Ngacegkeun Aisan

3. Wejangan

3.1 (QS Ban Isro’il 17)

4. Ngumbah dampal sampean Indung Bapa

4.1 DAMPAL SAMPEAN INDUNG

4.2 SUNGKEM MUNDUT PANGAMPURA TI INDUNG

4.3 NGUMBAH DAMPAL SAMPEN BAPA

4.4 SUNGKEM MUNDUT PANGAMPURA TI BAPA

5. Pamungkas ngaras

5.1 (bentangkeun sinjang anu 7 sing kadampal paligentos)

5.2 Hariring wening

5.3 (aoskeun solawat)

6. SIRAMAN

6.1 Kanggo nyawer engke sarengsena siraman

7. AlAT ANU DI BUTUHKAN

1 BUBUKA BIANTARA SIRAMAN

Para ibu, para bapa, para wargi, sepuh anom jaler istri anu ku sim kuring dipikahormat. Pangluhung kalbu, kajembaran manah. Puji anu janten panggeuing ate. Puja anu janten panggugah rasa, puji sumangga urang sami-sami sujudkeun kanu maha suci,Alloh Robul Jazaki Puja kagungan anu maha kawasa, Alloh adza wajala.

Anging pangersa miwah rohmatna urang pinarengan tiasa ditepangkeun deui mugia sing wuwuh caket wuwuh raket, wuwuh dalit ngahijina kawargian urang turta salamina aya dina jalan anu dipirido ku manten-na.

Kalih ti eta, mugi-mugi solawat sinareng salam, tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana, kanjeng nabi Muhammad SAW ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para karabatna, tug dugi ka sadaya umatna, anu tumut sareng ta’at ka anjeuna, dugi ka ahir jaman amin ya robal alamin.

2 BUBUKA BIANTARA NGARAS + SIRAMAN

Bismilahirohman nirrohim

Sugrining puji anging kagungan Alloh S.W.T urang sadayana wajib muji ka mantena neda pitulung, kalayan miharep ampunan. Mangga urang sami sami nyalindung tina sagala rupi anu sifat sasar sinareng kaawonan, anu nyangkuruk dina hate urang

Saestuna, jalmi anu diaping ku mantena moal leungiteun tapak jeung saranggem pon kitu deui,sing saha nu di sasarkeun tinagtos moal kenging pituduh.

3. BUBUKA BIANTARA RAJAH

RAJAH

Pun ampun kanu maha agung

Ngaweuhan ka mahdab papat

Neda pangaping pangjaring

Ka luluhur jeung ka dulur

Ka sakumna nu nyakseni

Utami ka para ahli

Nya ieu rajah pamunah

Pamunah nu rek ngarimah

Pun sepuh ti puser kalbu

Kelbu wening humariring

Hariring pangeling ngeling

Eling ka wiwitan diri

Eling ka ringkang ka tukang

Eling ka mangsa bihari

Eling ka mangsa kiwari

Bari nyawang nu rek datang

(ahung……………….ahung)

7. ALAT ANU DIBUTUHKEUN DINA SIRAMAN

1. Kembang 7 rupi

2. Palita 7 sumbu

3. Damar tempel 1

4. Kendi esi cai kahuripan 1

5. Samping kebat 7 + 1 pangais

6. Jajambaran

7. Anduk alit

8. Korek api

9. Saung panyaraman

10. pawung

11. Bakar + payung

12. Samak pilihan

13. Mayang jambe

14. Hanjuang

Narasumber :